Selasa, 24 Desember 2013

Basa Sunda


Dina mangsa kiwari tos seueur nu teu teureang kana basa sunda teh.. kumargi tara diangge janten basa sadidinten, kumargi kitu simkuring bade masihan saalit kecap basa sunda sareng hartosna...
abus, asup = Lebet = lebet
acan, tacan, encan = teu acan = teu acan
Adi =Adi =rai, rayi
Adu =Adu = aben
Ais= Ais= emban
ajang, keur, = pikeun = Kanggo haturan
ajar = Ajar = wulang, wuruk
aji, ngaji = Ngaji = ngaos
akang = Akang = engkang
aki = pun aki = tuang éyang
aku, = ngaku aku, ngaku = angken, ngangken
ali = Ali = cingcin, lelepen
alo = pun alo = kapiputra
alus = saé = saé
ambéh, supaya, sangkan = supados = supados
ambek = ambek = bendu, wera
ambeu, ngambeu = ngambeu= ngambung
amit, amitan= permios = permios
anak = pun anak = putra, tuang putra
anggel = bantal = bantal, kajang mastaka
anggeus, enggeus = réngsé = parantos
angir, diangir = dikuramas = dikujamas
anjang, nganjang = ngadeuheus= natamu
angkir, diangkir = diondang, disaur = diulem, disaur
antara = antara = antawis
anteur, nganteur = jajap, ngajajapkeun = nyarengan
anti, nganti, dago, ngadagoan = ngantosan= ngantosan
arang, langka = awis-awis = awis-awis
arék = badé, seja = badé, seja
arep, ngarep-ngarep = ngajeng-ngajeng = ngajeng-ngajeng
ari = dupi = dupi
asa, rarasaan = raraosan = raraosan
asal = kawit = kawit
aso, ngaso = ngaso = leleson
astana = pasaréan = pajaratan
atawa = atanapi = atanapi
ati-ati, kadé = ati-ati = atos-atos
atoh, bungah = bingah = bingah
awak = awak = salira
awéwé = awéwé = istri

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Komentarnya yang sopan dan beretika yaa....